Kamis,05-06-2025
Diberdayakan oleh Blogger.

Pengikut

Info

Jumat, 18 Februari 2011

AKSARA SUNDA

Aksara Sunda

Prasasti Astana Gedé Kawali ti jaman Sunda-Kawali abad ka-15, tulisanana maké aksara Sunda Kuna.



Aksara Sunda pikeun nuliskeun ngaran bangunan di salah sahiji paguron luhur di Bandung.
Aksara Sunda (ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ) nujul ka hiji sistim ortografi hasil karya masarakat Sunda nu ngawengku aksara jeung sistim kaaksaraan pikeun nuliskeun basa Sunda. Aksara Sunda ngarujuk ka aksara Sunda Kuna nu kungsi dipaké sahanteuna ti abad ka-14 nepi ka abad ka-18.

Daptar eusi

[sumputkeun]

Sajarah

Salian ti aksara Sunda Kuna, kaadaban Sunda ogé kungsi wanoh jeung sababaraha sistim aksara lianna, di antarana
Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2003 geus ngarojong aksara Sunda pikeun pakéeun sapopoé. [1]

Komputerisasi

Komputerisasi aksara Sunda nalika medarna publikasi resmi ngeunaan aksara Sunda ti Pamaréntah Jawa Kulon. Conto mimiti nyaéta "Aksara Pakuan" dina wanda OTF[2].
Salian ti éta, dina bulan Januari 2006, proposal pikeun ngodekeun Aksara Sunda dina format Unicode geus dikirimkeun ka konsorsium Unicode [3]. Prosés ieu bakal jalan dua taun lilana. Diharepkeun dina taun 2008, aksara Sunda geus asup kana susunan Unicode versi 5.0.

Susunan Aksara Sunda

Aksara Sunda diwangun ku sababaraha komponén, diantarana:
  • aksara ngalagena
  • vokal mandiri
  • aksara swara
  • tanda baca
  • angka

Aksara Swara

Graphical representation
= a = é = i = o
= u = e = eu

Aksara Ngalagena

Sundanese-consonants.svg

Rarangkén

Dumasar kana patempatanana, 14 rarangkén dibagi jadi:
  • rarangkén luhur = 5 rupa
  • rarangkén handap = 2 rupa
  • rarangkén sajajar = 6 rupa
a. Rarangkén luhur
°ᮤ panghulu, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /i/. Conto: = ka → ᮊᮤ = ki.
°ᮨ pamepet, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /e/. Conto: = ka → ᮊᮨ = ke.
°ᮩ paneuleung, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /eu/. Conto: = ka → ᮊᮩ = keu.
°ᮁ panglayar, nambahan sora /+r/ kana sora asalna. Conto: = ka → ᮊᮁ = kar.
°ᮀ panyecek, nambahan sora /+ng/ kana sora asalna. Conto: = ka → ᮊᮀ = kang.
b. Rarangkén handap
°ᮥ panyuku, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /u/. Conto: = ka → ᮊᮥ = ki.
°ᮢ panyakra, nyalusupkeun sora /+r/ kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku rarangkén séjénna. Conto: = ka → ᮊᮢ = kra.
°ᮣ panyiku, nyalusupkeun sora /+l/ kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku rarangkén séjénna. Conto: = ka → ᮊᮣ = kla.
c. Rarangkén sajajar
ᮦ° panéléng, modifies Ngalagena vowel /a/ jadi /é/. Conto: = ka → ᮊᮦ = ké.
°ᮧ panolong, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /o/. Conto: = ka → ᮊᮧ = ko.
°ᮡ pamingkal, nyalusupkeun sora /+y/ kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku rarangkén séjénna. Conto: = ka → ᮊᮡ = kya.
°ᮂ pangwisad, nambahan sora /+h/ kana sora asalna. Conto: = ka → ᮊᮂ = kah.
°᮪ patén atawa pamaéh, ngaleungitkeun sora /a/ aksara Ngalagena. Conto: = ka → ᮊ᮪ = k.

Angka

Sundanese-numbers.svg
Dina tulisan, angka diwatesan ku tanda pipa ajeg | ... |.
Conto: |᮲᮰᮰᮸| = 2008

Conto makéna

ᮓᮨᮕᮧᮊ᮪,|᮲᮵| ᮔᮧᮕᮦᮙ᮪ᮘᮨᮁ |᮲᮰᮰᮹| ᮞᮠᮘᮒ᮪ᮊᮥ ᮓᮤᮔ᮪ᮓ ᮏᮜᮔ᮪ ᮏᮕᮒᮤ |᮳| ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ

ᮃᮞ᮪ᮞᮜᮙᮥᮃᮜᮄᮊᮥᮙ᮪ ᮝ᮪ᮛ᮪.ᮝ᮪ᮘ᮪. ᮠᮜᮧ,ᮃᮕ ᮘᮦᮏ,ᮘᮄᮊ᮪ ᮃᮜᮥᮞ᮪ ᮝᮆ ᮕᮔ᮪? ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮞᮁᮒ ᮊᮥᮜᮝᮁᮌ ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮓᮤᮔ ᮊᮃᮚᮃᮔ᮪ ᮎᮌᮩᮁ ᮝᮜᮖᮤᮃᮒ᮪. ᮌᮙ᮪ᮕᮀ ᮙᮥᮓᮠᮔ᮪ ᮘᮦᮏ ᮃᮔ᮪ᮏᮩᮔ᮪ ᮇᮌᮦ ᮊᮝᮞ᮪ ᮆᮒ.ᮔᮇᮔ᮪ ᮓᮤ ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ ᮠᮥᮏᮔ᮪ ᮒᮨᮛᮥᮞ᮪ ᮞᮕᮔ᮪ᮏᮀ ᮕᮧᮆ? ᮓᮤ ᮏᮊᮁᮒ ᮃᮙ᮪ᮕᮤᮁ ᮞᮘᮔ᮪ ᮕᮧᮆ ᮠᮥᮏᮔ᮪ ᮜᮧ.
ᮓᮤᮔ᮪, ᮘᮥᮜᮔ᮪ ᮠᮛᮩᮕ᮪ ᮕᮔ᮪ ᮌᮩᮞ᮪ ᮙᮤᮙᮤᮒᮤᮃᮔ᮪ ᮅᮏᮤᮃᮔ᮪ ᮞᮊᮧᮜ, ᮔᮇᮔ᮪ ᮙᮔᮦᮂ ᮌᮩᮞ᮪ ᮑᮤᮃᮕ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮓᮤᮛᮤ? ᮜᮙᮥᮔ᮪ ᮌᮩᮞ᮪ ᮘᮌᮥᮞᮣᮂ.ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮠᮚᮀ ᮍᮨᮓᮜ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮙᮥᮌ ᮏᮥᮔᮥᮔ᮪ ᮈᮑ ᮓᮤᮔ᮪ᮓ.
ᮞᮊᮤᮒᮥ ᮒᮤᮠᮩᮜ ᮞᮥᮛᮒ᮪ ᮒᮤ ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮄᮛᮠ ᮄᮛᮠ ᮅᮛᮀ ᮞᮙ᮪ᮘᮥᮀ ᮓᮩᮄ.ᮊᮥᮒᮥᮀᮌᮥ ᮘᮜᮨᮞᮔ᮪ ᮞᮥᮛᮒ᮪ ᮃᮔ᮪ᮏᮩᮔ᮪.
ᮝᮞ᮪ᮞᮜᮙᮥᮃᮜᮄᮊᮥᮙ᮪ ᮝ᮪ᮛ᮪.ᮝ᮪ᮘ᮪.

Ladrang

Ladrang-sunda.png
Aya hiji rupa sato leutik,
Éngkang-éngkang, éngkang-éngkang,
Sok luluncatan di cai,
Ari bangun arék sarupa jeung lancah.

1 komentar:

Total Tayangan Halaman

1,201
welcome to blog agus

Selamat Datang Di Blog Nya Anak CIAMIS

Star

Postingan Populer

Cari Blog Ini

Tamu harap lapor 1x24 jam!!!